Perkara Anu Ngabatalkeun Wudhu
Table of Contents
Bismillahirrohmanirrohim
Ari Anu Ngabatalken Kana Wudhu Eta Aya 4 Perkara :
Ka 1. Aya Anu Bijil Tina Salah Sahiji-na Palawangan 2, Nyaeta Tina Kubul Atawa Dubur Anging Mani Diri-na Sorangan
Ka 2. Paantel Kulit Lalaki Jeung Awewe Anu Pada Gede 2 Nana Tur Lain Mahrom-na Serta Hente Nganggo Aling-Aling Antara-na
Ka 3. Nyabak Kubul Dubur Anak Adam Ku Batin Dampal Leungeun Atawa Ku Batin Ramo Leungeun
Ka 4. Ilang Akal Ku Sebab Edan Atawa Weureu Atawa Sakalor Atawa Sare, Anging Sare-na Bari Diuk Serta Tetep Diuk-na Tur Hante Renggang Bobokong-na
ÙƒَÙ…َاقَالَ Ù†َظِÙ…ْ
Opat Rupa Ngabatalken Kan WudhuCoba Bilang Ku Anjen Ulah Kaliru
Hiji Nu Kaluar Ti Salah Sahiji
Kubur Dubur Naon Bae Lian Mani
Ka Dua Na Paantel Kulit Lalaki
Jeung Awewe 2 Nana Pada Gede
Batas Soteh Antel Jeung Lain Mahrom-na
Serta Teu Nganggo Hahalang Antara-na
Ka Tilu-na Nyabak Kubul Sareng Dubur
Bangsa Jalam Ku Dampal Leungeun Dilagar
Ka Opat-na Hilang Akal Sebab Edan
Sebab Weureu Sare Sakalor Jeung Ayan
Posting Komentar